Senin, 04 Mei 2015
ORAY-ORAYAN
Oray-orayan,
luar leor mapay
sawah Entong ka sawah,
parena keur sedeng
beukah Mending ka leuwi,
di leuwi loba nu
mandi Saha anu mandi,
anu mandina
pandeuri
AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Mastanu Nu
jadi wadana Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng
Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu
ompong
Jalan ka Batawi
ngemplongq
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk cingkleung
cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng
EUNDEUK-EUNDEUK
CANG
Eundeuk-eundeu cang
lagoni
Meunang peucang
sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki
JALEULEU
Jaleuleu ja
tujaeman gog
Seureuh leuweung
bay Jambe kolot bug
Ucing katinggang
songsong Ngek ngek!
KALONGKING
Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang
ngising
Dibura ku madu
kucing
Madu kucing meunang
maling
Kalongking-kalongking
Bapa sia utah
ngising
Beak samak beak
samping
Teu cageur waktu
sapeuting
BANGBANG KALIMA
GOBANG
Bang kalima-lima
gobang bang
Bangkong di tengah
sawah wah
Wahey tukang
bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar
jar
Jarum paranti
ngaput put
Puteri nu gareulis
lis
Lisung kadua halu
lu
Luhur kapal udara
ra
Ragrag di Jakarta
ta
Taun tujuh hiji ji
Haji tas ti Mekah
kah
Kahar dua rebu bu
Buah meunang ngala
la
Lauk meunang nyobek
bek
Beker meunang
muter-ter
Terus ka Cipaten
pen
Pena gagang kalam
lam
Lampu eujeung damar
mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga
ngan
Nganteur anu kawin
win
Winta dagang oncom
com
Comel kanu gelo lo
Lodong kosong
ngentrung tung
Tunggir hayam
bikang kang
Kangkung meunang
meuli li
Lili lewungit konci
ci
Ciak anak hayam!
PUNTEN
Punten mangga Ari
ga,
gatot kaca Ari ca,
cau ambon Ari bon,
bonteng asak Ari
sak,
sakit perut Ari
rut,
rujak asem Ari sem
sempal-sempil Ari
pil,
pilem rame Ari me,
meja makan Ari kan,
kantong kosong Ari
song,
songsong lampu Ari
pu,
puak-paok Ari wok,
wok candewok
OLE-OLE OGONG
Ole-ole ogong
Melak cabe di
Tarogong
Dihakan ku embe
ompong
Diteang kari
sapotong Au-au eheng
Beuleum cau tutung
geheng
Embe-embe domba
Anak sapi tutunggalan
TOKECANG
Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun
kacang-angeun kacang Sapendil kosong
TRANG-TRANG
KOLENTRANG
Trang-trang
kolentrang
Si Londok paeh
nundutan
Tikusruk kana
durukan
Mesat gobang kabuyutan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar